- Голоса:
- Смотри также:
Doel Sumbang - Текст песни Mojang Bedegong Urang Jelekong
lamun hitut siga sora bangkong
 mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
 lamun kerek siga sora bangkong
 mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
 ti bau cikur icalan cintrong
 mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
 cita cita boga salaki garong
 di alun alun panggih jeung si mehong
 pangsiunan budak buraong
 nu ayeuna jadi tukang bangkong
 di modalan ku haji engkong
 (urang cibintu tah haji engkong teh bah eon)
 beuki deket beuki rakeut
 siga keretas di rapet
 henteu lila ti harita
 urusan eujeung KUA
 rumah tangga anyang-anyangan
 loba pisan pacengkadan
 loba piring tingkalayang
 ka tatangga ngagandengan
 mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
 teu bisa tumarima kana kaayaan mehong
 anu penghasilan ngan saukur tina bangkong
 hayang televisi ngan kabeli gambar toong
 laki rabi awet rajet
 recet siga anak ancet
 rumah tangga paburantak
 siga samangka katincak
 siga bioskop
 rumah tangga bubaran
 mojang bedegong ngaranda
 si mehong jadi duda
 mojang bedegong
 beuki maceuh ngelmu bagong
 dangdanan siga nu gelo
 mejeng hayang meunag jodo!
 lalakon hirup manusia
 sok tara disangka sangka
 jadi inget kana film
 nu judulna Pretty Woman
 mojang bedegong urang jelekong
 aya anu mikanyaahDoel Sumbang - Mojang Bedegong Urang Jelekong - http://ru.motolyrics.com/doel-sumbang/mojang-bedegong-urang-jelekong-lyrics.html
 lalaki benghar jeung kasep
 ceunah mah pajabat basah
 nya nepi ka rumah tangga
 make jeung awet sagala
 tara kadenge pasea
 romantis luar biasa
 nujun atuh ari geus senang mah
 nyai!
 ulah bedegong deui we nya!
 kuring mindeng pisan panggih
 manehna jeung salakina
 make mobil herang mewah
 bari renceum ku berlian
 sifat jelema jalanan
 tara poho ku babaturan
 malahan ku kuring pernah
 maksa milu makan malam
 keur dahar kuring tumaros
 bari rada ngaharewos
 "nyai, sanes kapungkur mah cita-cita
 teh palay kagungan caroge ka garong
 naha teu janten, robih pamadegan?"
 ari tembalna teh
 "ah henteu kang doel, justru abdi teh
 ngemut
 upami abdi nyiar caroge garong
 tangtosna rada sesah
 margi tangtosna age moal aya garong
 anu wantun ngangken garong
 atuh kaleresan abdi pendak sareng
 pamegat kasep bari jabatanana basah
 binga kabina bina abdi teh
 da geuning carage abdi anu pajabat
 basah teh
 sagala rupina langkung ti garong!"
 kuring teu bisa nyarita
 da ceuk pikir kuring age memang
 heuheuh!
 duka atuh ah poek
 urang duakeun we ku urang
 mojang bedegong sing geura eling
 Doel Sumbang Mojang Bedegong Urang Jelekong









